Senin, 17 Juni 2013

Upacara Adat Perpisahan Sunda



Pun sapun ka Maha Agung,
Ka Allah Illahi Robbi
Ya Allah pamuntangan beurang,
Ya Robbi pamantengan peuting
Sajatining pati hirup
Sajatining kalanggengan

Sumeja neda paralun, paralun kabudeur awun
Ka rumuhun ka karuhun
Seja amit kami mipit
Seja menta kami ngala
Ngunder tineung panasaran,
Mapay beja mangsa lawas
Tapak lacak na wiyata
Di lemah sarakan………..*)
(dieusi ku ngaran tempat, lembur, wewengkon)
Ngajungjung lungguhna elmu, komarana atikan

Ti mendi pipasinieun, ti mana picaritaeun
Urang nyoreang ka tukang, urang jujut hiji-hiji
Ngarah puguh nya pitutur, ti bihari ka kiwari

Agung…agung………



Lengser
Jep angin eureun heula, di dieu rek upacara
Jep sora repeh heula, aya nu rek cumarita

Tuh umbul-umbul, mani melengkung
Tah tanggara, tanda ngiberan
Nu ditunggu-tunggu rawuh
Nu dianti-anti sumping
Mangga urang sasarengan, mapag nu bade amitan
Cunduk waktu numbu catur, nyungsi pasini bihari
Subaya anu ti heula, munggaran jisim wawarti
Seja nyungsi nya pangarti, sangkan ilang nya katuna









Gending/Narasi marengan asupna rombongan gulang gulang ,pager ayu, sapasang wawakil siswa pinunjul kahiji dipayungan ku juru payung, nu ngagotong jampana/kurung manuk dieusi sapasang manuk japati, disatukangeunana dalapan  pasang siswa pinunjul, dituturkeun ku penari maktal anu mawa gugunungan.

Narator
Geura lagukeun kidung liwung nu panungtung
Geura hariringkeun kawih asih tina ati
Sugan teteg ieu lengkah nu rek lunta
Sugan jembar ieu lengkah rek paturay

Mun isuk balebat nyingray di wetan
Srangenge sumirat deui di langit …………………..*)
Boa saukur jadi kalangkang
Kalangkang dina eunteung panineungan urang

Mungguh ari waktu
Kapan jamparing anu melesat
Nyeak ninggalkeun patk demi patok lalakon
Raca tapakna jadi pilar-pilar kakelar

Tilu taun geuning geus kalaring, sempal guyon gogonjakan
Silih asih ku pangarti
Silih asuh ku kaweruh
Ayeuna nincak mangsana urang paturay pajauh

Pasini urang tepi ka dieu
Lalakon urang tepi ka poe ieu
Tali batin urang cangreud dina ati
Baris nganteng jadi gurat panineungan
Di dieu aya bagja jeung cimata
Di dieu aya nu jajap jeung nu dijajapkeun
Awor dina ringkang pileuleuyan

Nu dikantun wuwuh ngungun
Nanging bagja binarung bagja
Ngungun soteh reh waktosna kedah pisah
Nanging bagja sabab sirung baris renung
Baris mangkak jadi wawangi lemah cai

Gending simpe
Kapala sakola dihaturanan ka panggung. Sapasang wawakil siswa pinunjul sungkem, nu sejenna milu diuk tarungkul disatukangeunana.
Gending ngeusian narasi

Narator

 Bral, geura tandang neang kahayang
Nyukcruk elmu nyungsi harti
Muga jembar ku panalar
Mugi sugih ku pangarti

Bral, geura leumpang anaking
Sing jucung ngudag kahayang
Hidep dijajap du’a jeung cimata
Dijajap du’a jeung cimata


Bral geura miang anaking
Hidep dijurung lumaku
Lumampah nyorang lalakon
Nyaba ka jaganing jaga
Neang hirup nu rahayu

Sabada acara sungkem, kapala sakola masrahkeun ijazah ka wawakil siswa, sasalaman ngawilujengkeun, tuluy ngalepaskeun japati sajodo tina jampana/kurung, minangka simbul paturay jeung pangjurung ka parasiswa. Barisan gugunungan malik-malikeun gugunungan masing-masing, luyu jeung gending, tepi ka kabaca aksara: PILEULEUYAN…..Prosesi rengse pamaen ka luar pentas.

Duh ibu punjungeun kalbu, nya Bapa pupujan rasa
Ninggang mangsana ayeuna, seja miang ngudar lengkah
Naratas jalan kabagjan, neda suka muga mulya



Anaking puputon ati, estu ewuh liwat saking
Narah pajauh jeung hidep, tapi geus kitu kuduna
Miang neang pangharepan, mapay raratan kabagjan

Ujang Nyai simpay rasa, regepkeun piwulang Bapa
Nu jujur mangka rahayu, nu sabar pinanggih mulya
Lamun kasasar nya lampah, badan anu katempuhan

Anaking jungjunan kalbu, Ibu jeung bapa tamada
Teu bisa mekelan inya, ngan titip ieu pusaka
Muga mangpaat jagana, ijasah tanda perceka


Narator
Run turun ti kahyangan, lalayang salaka domas
Dicangking ku Nyi Pohaci, disandang ku Sang dewata

Run turun ti kaanggangan, kahayang jeung cita-cita
Dipatri ku sanubari, dipelak jeroning sukma

Teu burung cunduk waktuna,
Lalayang enggeus kabandang
Rep nyerep kana ati sanubari,
Cik ngancik elmu teh kasakten diri

Prak geura mencar nyiar luang, miang deui nyungsi deui
Sabab elmu taya tungtung, nyaangan sapanjang jalan

Kapala Sakola sasalaman ngawilujengkeun, tuluy kaluar ti panggung dijajap ku Juru Payung

Narator
Pileuleuyan, pileuleuyan, asal urang babarengan
Nyukcruk elmu nyuprih harti, ayeuna baris paturay
Nu kantun mulus rahayu, nu miang pinanggih bagja.

(pager ayu nyawer wawakil siswa, prosesi kaluar ti panggung)

Rampak sekar
Balebat
Bral geura miang, bral mangka tandang
Bral muga mekar, bral masing nanjung

Narator
Bral geura miang, dijajap rewu pangdu’a
Dirungrum pangjurung laku, mugia mulus rahayu
Mugia pinanggih bagja, bral geura miang
Geura tandang makalangan

Tidak ada komentar:

Posting Komentar